Kumpulan Kata Kata Sedih Cinta Romantis Gombal Islami Patah Hati Bahagia Merana Galau Nasehat terbaru 2013

kata Kata Ucapan Lebaran bahasa Sunda

Kata kata Kukatakan - update kali ini adalah kata kata ucapan Lebaran, kata permintaan maaf bahasa sunda. berbagi ucapan lebaran memang bisa menggunakan berbagai rangkaian kata dan bahasa misalnya a yang mengirim ucapan lebaran dengan bahasa arab, ucapan lebaran dengan bahasa inggris, dan bahasa lainnya kali ini admin yang asli orng sunda mau berbagi kata ucapan lebaran spesial bahasa sunda yang telah admin kumpulan dan admin rangkai sedemikian rupa, "mangga kanu peryogi kata kanggo ucapan lebaran tiasa maca dina posting abadi nu ieu"

Kata UCapan Lebaran | Bahasa Sunda | Kata Sunda
Kata Mutiara bahasa Sunda Permintaan Maaf

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya  kalepatan. wilujeng boboran siam

Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,    meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,  bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1435 H
Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali    silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1435 H
Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1435 H.

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam
Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1435 H
Wilujeng boboran siam 1435. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran
 
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.
Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1435 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.

Kata permintaan Maaf Bahasa Sunda

Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1435 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
 Latin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1435 H. Hapunten samudaya kalepatan.
Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1435 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1435 H

Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1435H,    kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng boboran shiam 1435 H . Taqobalallahu minaa waminkum
Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten
Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.
Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1435 H. Hapunten samudaya kalepatan.
 Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim

Terimakasih telah membaca posting kata kata kukatakan, kata ucapan permintaan maaf lebaran bahasa sunda, mugia manfaat posting na dilihur, Minal Aidzin Walpa Idzin Mohon maaf lahir batin, Neda di hapunteun lahir sinareng batin wilujeung boboran siam 1435 H

Related : kata Kata Ucapan Lebaran bahasa Sunda